Senin, 17 Mei 2010

MIELING TANDANGNA BAHASA SUNDA

DINA KURIKULUM

Pupuhu Girang Atikan………
Bapa Ibu Guru…………………
Para Pamilon…………
Miwah hadirin Sadayana……

Assalamu alaikum W.r.W.b
Sanajan bari jeung riweuh,da puguh sami di SD ..........oge,sim kuring kudu jabung tumalapung di peto kedah ngiring lomba,tapi ari nguping didieu ngayakeun acara Lomba basa Sunda hate haget hayang miluan, mieling gumelarna Basa Sunda umumna di kacamatan banjarsari.
Ku mireungeuh basa Sunda dihudang wayangkeun deui di ajenan,diwanohkeun dilawungkeun di tepungkeun sina betah genah merenah, riung mungpulung bongkok ngaronyok jeung urang sadayana urang sunda. Baning ku atoh teu katahan kadareudaan hate, bet jadi bareubeu ku ka ampeuh ku piceurikeun , ku keclakna cimata ku ngenclang na cipanon merebey cimili nu ngalembereh maseuhan pipi, nu tadi di tahan tahan teh, kiwari bedah teu kawadahan teu ka tahan, komo bari nguping ki sunda datang na teh pada ngahiap hiap, dibageakeun, dipapag, dikaleng, dituyun, digalentoran ku para inohong sunda. Ti pusat pusat dugi ka daerah malah kiwari datang tandang gandang makalangan di kacamatan Banjarsari bari ridu ku oleh - oleh pikeun guareun urang, sarta gagameun nu pinuh pamor, kurikulum basa sunda lapat - lapat ka tembong hate geus miheulaan mapagkeun ngahiap - hiap ujang, asep, elu,anaking, bagea sumping, napsu gede tanaga kurang, baning ku atoh antukna rampohpoy ngalungsar di tengah jalan. Hadena barudak hideng, pada ngurut, pada mencet, pada mayang, nu akhirna di gusur ka sisi jalan.
Mireungeuh ki sunda datang, sedih pacampur jeung atoh.Sedihna pedah gubragna kurikulum 75 sunda teh gering nangtung ngalanglayung di momorekeun teu di pirosea, jigana teh rek hirup neut,rek paeh hos, jeung modelna urang sundana deuih , ti amangna, ti ambina, ti si unyilna, ti si usrona, ti si ucritna , nepi ka inohong sundana teu aya pisan nu bebela. Sakitu ki sunda geus engkak – engkakan sakarat oge pada ngantep, malah panggih ge ngabalieur, deudeuh teuing asep, elu, ujang ,anaking sing sabar nandang cocoba, da saur sepuh oge sing saha wae anu rek diangkat darajatna ku Pangeran sok dicoba heula kurupa dodoja. Contona Arjuna moal hasil maksudna dina tatapa tanpa ngaliwatan dodoja goda, rencana nu ngahaja direncana keun ku maha Dewa. Sing sadar yen ngan pangeran nu maha Murba Wisesa nu ngawasa pati hirupna mahluk moal mati memeh wanci ,moal perlaya memeh mangsana .Ku pitulung Pangeran bet jorojoy aya karep ngajorelat tanding kilat ilham ti Gusti yang Widi nu lumangsung kana jajantung, sumeleket kana hate, nyangkoreh dina buah garbana para inohong sunda pikeun nyawalakeun di tingkat Pusat, najan bari hese beleke ahirna ki sunda tandang deui ngajangelek mangrupa Satria Raspati.
Ku kersana Pamarentah Daerah propinsi jawa barat ki sunda diwanohkeun deui diamprokkeun deui jeung urang sadaya, anu memang samemehna geus ka picangcang, deungdeuleueun, dedengeeun, hayang ngadenge manehna cumarita. Iue kaula ki sunda lumijing di alam lahir, lumentang di pawenangan, gumelar ngakandang karma jeung darma, bagea elu, anaking, baeu ucu geura lugay, geus wayahna hidep ngalangkang dunya, sanajan geus nyaho legana dunya, sanajan geus nyaho saha nu nyiptakeun hirup di dunya, anaking lain pikeun ucang angge, sabab dunya lain sawarga. Tuh langit mjiah jugjugeun, tuh bentang di langit petikeun . Geura diajar seuri sajeroning balilihan. He !. Aladriya Senopati para ponggawa, menak somah jeung rahayat tatar sunda . Geura pasang umbul – umbul ! geura takol bende kabuyutan, bejakeun ka balarea ulah aya nu kari pasang kaca – kaca di saban jalan kota,jalan desa, jalan kampung, jalan sawah, di kebon malah di leuweung oge kudu dipasang kaca – kaca, kum dimasyarakat tatar sunda. Kudu saget pikeun mapag ki sunda sawawa, nu kiwari geus lugay di patopanan girilaya kalawan wangsit ti Dewa di Pamarentah Propinsi Jawa Barat pikeun tandang makalangan di tatar sunda. Caang padang narawangan, caang bulan opat welas , jalan gede sasapuan, Ki sunda datang tandang makalangan dina hate jeung beungeut urang nu bakal tumuwuh wujud warna usik jeung lagu lemah cai. Laligarna kekembangan, lobana sarua jeung mekarna bentang – bentang di langit, bejana kabehanana oge tumuwuhna dina hiji mata bolang acining bangsa. Kadareudaan hate nyatana hiji geteran gaib, nu ngadeukeutkeun hiji wanda kana wajibning harti kaendahan jeung agungna Gusti Nu Maha Suci. Pohara bagjana urang salaku bangsa nu beunghar ku karya budaya, ku kituna prak geura kali ati bumi, jeung bumi ati hidep. Di dinya aya nu leuwih mahal batan inten, nyaeta kabudayaan bangsa urang.
Geura buka tutungkusan karuhun sasakala nu baheula, geura singkilkeun leungeun baju, siap tempur makalangan, bebela kana ajen bangsa jeung budaya sunda, moal aya nu mirosea lamun teu diriksa diraksa ku urang sadaya, kauger ku waktu nu ditangtukeun, hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak, garihal bahasana , kirang entep seureuhna, saur basa sepuh tea mah, bobo sapanon carang sapakan, katoel kaondeg – ondeg, kagedag ka oyag – oyag, hapunten anu kasuhun. Wabillahitaufiq wal hidayah wassalamuakaikum wr wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar